Karya Guru | Carpon Basa Sunda
Ditulis ku: Ai Sri Winarti (2021).
Kacaritakeun di hiji lembur, aya opat budak lalaki anu keur mareujeuhna. Maranéhna boga niat, peuting éta rék ngala manuk bari mapay wahangan ka beulah kidul.
“Dam, peuting ieu jadi moal ngala manuk téh?” ceuk Dinar.
“Hayu atuh, Si Upi gé hayangeun milu, cenah,” témbal Adam ka lanceukna, Dinar.
Teu lila, kurunyung Riki datang ti kalér.
“Rék ka mana, euy?” pokna.
“Pan urang téh rék ngala manuk, Ki. Ari manéh geus siga aki-aki waé, pohoan,” ceuk Dinar.
“Ngilu atuh,” ceuk Riki.
“Hayu, tingal prung indit waé ayeuna, yu!” ceuk Dinar.
Opat budak lalaki éta langsung indit ka wahangan. Maranéhna mawa obor jeung maké sénter dina sirahna. Sanggeus aya di tengah perjalanan, Si Adam nyeletuk.
“A, Ujang tunduh, balik yu ah,” ceuk Adam ka lanceukna, Dinar.
“Ah, manéh mah kakara gé nepi ka dieu geus hayang balik waé. Atuh tadi téh ulah milu wé! Padahal mah,” ceuk Dinar.
“Atuh keun baé, ari manéh téh, Din. Karunya tunduh. Isuk sakola, lin adi manéh téh?” ceuk Riki.
“Heueuh atuh, hayu wéh urang balik. Tah, naék ka lebah dinya wé,” ceuk Dinar bari nuduhkeun leungeunna ka lebah dapuran tangkal waru.
Maranéhna hanjat ti wahangan. Maksudna mah rék baralik, najan teu beubeunangan loba ogé peuting harita téh.
Di jalan rék balik, opat budak lalaki éta biasa ngawangkongkeun sagala rupa nepi ka deukeuteun dapuran awi. Sanggeus nepi ka palebah dapuran awi, Si Riki ngarasa aya nu ngawurkeun taneuh kana sirahna.
“Manéh ngawurkeun taneuh kana sirah uing, heueuh?” ceuk Riki ka Dinar.
“Teu sing kuring mah. Ti tadi gé ngawangkong jeung Si Upi. Nya, Pi?” ceuk Dinar.
“Ah, siah, manéh mah ngawadul. Teu percaya uing mah,” ceuk Riki.
“Teuing, Dinar. Uing mah ti tadi gé teu mamawa taneuh,” Dinar ngabéla diri kénéh.
“Saha atuh nu ngawurkeun sirah uing ku taneuh? Manéh, Adam?” ceuk Riki.
“Éh, teu rumasa, Abi mah, A,” ceuk Adam.
Sanggeus paadu omongan, ayeuna Dinar ngarasa aya nu ngawurkeun taneuh kana sirahna.
“Silaing, geus puguh uing mah teu ngawurkeun taneuh. Naha bet uing nu diawuran taneuh ku silaing?” ceuk Dinar.
“Teuing, éh,” ceuk Riki.
Teu lila, kadéngé aya sora taneuh nu diawurkeun ti jero dapuran awi.
“Wurrrrr… wurrrrr… wurrrrr…”
Geus kitu, opat budak éta kompak melong kana dapuran awi. Pas melong ka lebah dapuran awi, katempo aya nu ngabelegedeg bodas, nangtung duaan.
Disidik-sidik…
“Ki, éta naooooooooooooonnnnn!” ceuk Dinar.
“Dinaaaaarrr, pocoooooooooooongggggggg!” ceuk Riki bari becir lumpat.
Ti harita, palebah dapuran awi di jalan ka lembur Babakan kasohor nepi ka unggal lembur, lantaran cenah aya jurig anu sok nyingsieunan budak lalaki anu keur moro manuk peuting-peuting.
Sumber: Bu Iyah (47 taun, buruh harian lepas), warga Kampung Cikanyere.
